You are on page 1of 5

HIKAYAT PARAS A'udzu billahi minas syaitaan nirrajim. Bismilaahir rahmaanir rohiim.

I. ASMARANDANA 01.Kaula mimiti muji, anambut namaning Allah, anu mula di dunya teh,tur nu asih di akherat, jeung ari sagala sembah, kasanggakeun ka Yang Agung, Pangeran mahluk sadaya. 02.Sanggeus muji ka Yang Widi, muji ka Nabi Muhammad, Solli Wassalam Allaihi, ya Caritana Paras, pangandika Gusti Allah, tina Qu'ran tilu puluh, kieu pangandika Allah. 03.He kakasih isun Nabi, saha saha nu ngampihan, Hikayat dihade hade, ku umat nu saenyana, diparinan kasalemetan, ti dunya dongkap ka payun, salamet dunya akherat. 04.Eujeung disalametkeun deui, waktuna eukeur sakarat, tetkala malaikat maut, nyokot nyawa manusa, dipiwarang lalaunan, diraksa ku Gusti Agung, dina kanyerianana. 05.Sareng diraksa deui, patakonan malaikat, Munkar jeung Wankir tea, Nabi Muhammad ngandika, saha-saha nu nyimpenan, ka Carita Paras Rasul, kakasihna Gusti Allah. 06.Jeung saha jalma nu make teu sudi, ngampihan Carita Paras, ku kami moal ditolih, jeung moal diaku umat, tangtu kami bendu pisan, ka nu teu nurut pitutur, ngampihan Carita Paras. 07.Umat kabeh ulah lali, kana caritana Paras, jeung bejaan ka sakabeh, tina hiji-hiji desana, sareng ajeng desa liyan, jeung tina umat sakampung, ka umat jero nagara. 08.Ulah dibejakeun ka kapir, sareng ka jalma nu murtad, sumaona ka nu munapik, ari ka sakur Islam mah, ulah henteu di bejaan, karana dhohir nu agung, mun jalma embung ngampihan. 09.Dihampura dosa deui, ku Gusti Allah taala, dirakasa dirina kabeh, lamun aya nu ngaruksak, atawa nu nganiyaya, jeung mun aya jalma giruka, ka nu ngampihan Hikayat. 10.Eta ku Gusti Yang Widi, tangtu diruksak awakna, jeung saha jalma nu make, ka ieu Hikayat Paras, jang ngaji sapopoena, sarengna dipake syuhud, dipaparin ku Allah jembar. 11.Upama nu menta deui, ka eta Hikayat Paras, geuwat-geuwat kudu bere, naon bae pamentana, ku Allah tangtu dibayar, jeung dilewihkeun ti batur, darajatna jeung batina. 12.Saha jalma nu daek deui, nu resep ngampihan Paras, nyimpenna di hade-hade, sareng diimahna pisan, dipaparin ku Pangeran, rachmat pirang-pirang rewu, ping salaksa sapoena. 13.Henteu dikurangan rizki, ku Gusti Allah taala, lamun aya nu panasten, nganiyaya ka imah-na, sareng ka nu boga imah, ku Allah teu meunang laku, henteu diparinan tanaga. 14.Lamun boga batur deui, nyatur ka nu nyimpen Paras, ku Allah tangtu di bendon, jalma anu nyarita rea, sareng diparinan ruksak, saumur-umurna hirup, lamun tetep pangnyatur-na.

15.Lamun umat nyimpen deui, eukeur waktu tumpak kapal, tangtu datangna sok tereh, ka nu rek di seja tea, sarengna kasalametan, teu pisan manggih pakewuh, diraksa ku malaikat. 16.Lamun urang niat sabil, eta nyandak Hikayat Paras, diraksana ku Yang Manon, cilakana henteu datang, bedil tumbak jeung pakarang, berkahna Hikayat Cukur, rahayuna lewih rosa. 17.Saha jalma mangmang ati, kana caritana paras, tangtuna meureun kacoder, ilang Islam manjing kupur, saha nu embung ngampihan, ka carita ieu Cukur, teu ngangken umat Muhammad. 18.Saha jalma dek deui, nyaritakeun Nabi paras, mugi mugi meunang anjeun, dirahmat ku Gusti Allah, dunya rawuh jeung akherat, di dunya saumur hirup, sapamahe Kanjeng Nabi Rasulallah.

II. SINOM 01.Wabihi nastaina, mugi Allah tulung abdi, Islam mudu aruninga, leres pangandika Nabi, Salallahu Allaihi Wassalam, tetkala diparas Rasul, aya hiji mu'min nananya ka Ki Abu Bakar Sidiq, narosna kaula hayang uninga. 02.Kumaha Mas Abu Bakar, waktuna Kanjeng Rasulallah, lampahana basa diparas, reh menang dohir Yang Widi, saha nu nyaksi ka Nabi, ngalinggihan ti payun, sareng dina wulan mana jeung naon poena deui, sareng eta nganggona ketu ti mana. 03.Ngawalon Mas Abu Bakar, ka nu nanya eta mu'min, eh Allah dulur kaula, sasamana Kanjeng Nabi, sarehna mudu di cukur, mentas perang sabilullah, reujeung raja Lahad kapir, eukeur linggih di masjid nagara Mekah. 04.Nabi eukeur ngaos Quran, sumping Malaikat Jibrail, nyandak eta lapad Quran, ru'usakum hadihi, wamutsirina lahu, latakho funalaka,ayat diaos ku nabi, disaksian ngaosna ku malaikat. 05.Jibrail gewat haturan ka Kanjeng Rasulallah, kaula ngemban timbalan, ti Gusti nu Maha Suci, ayeuna sampeyan Nabi, timbalan Allah di cukur, lajeng nyaur Rasulallah, ka Malaikat Jibrail, mun diparasan saha nu ayunan kula. 06.Sareng saha nu marasan, jeng ketu timana deui, bade pakeeun kaula, sanggeus kitu Jibrail, matur deui ka Yang Widi, sareh ditaros ku Rasul, pamaturna malaikat, he Pangeran jisim abdi, rek ngunjungkeun kakasih geus ridho pisan. 07.Timbalan kudu diparas, tatapi ayeuna gusti, bet aya anjukeunana, ka gusti nuhun kakasih, saha nu kaidinan nyaksi,waktuna eukeur dicukur, sareng saha nu marasan, eta kopeahna deui, dipasihan ku Gusti Allah ti mana. 08.Gusti Allah pek ngandika, ka Malaikat Jibrail,ayeuna kakasih urang, Nabi Muhammad sinelir, kadirina anu nyaksi, cahyana bae Jeng Rasul,karana cahaya dirina, ti kudrat iradat kami, nu mayunan lain cahaya anu lian. 09.Demi eta nu mayunan marasan, nya maneh bae Jibrail, wawakil iradat urang, ari kopeahna deui, nyokot bae Jibrail, ti sawarga daun kayu, daun Kastuba salambar, nu hejo cahyana bening, mudu pake ari enggeus diparasan.

10.Jibrail tuluy mangkat, lajeng ka sawarga nahim, lajeng mundut lawang, ka malaikat juru kunci, nu tunggu sawarga nahim, he Malaikat Ridwanu, buka lawang sawarga, Ridwan mariksana deui, saha eta nu menta lawang sawarga. 11.Jibrail seg ngawalonan, kula Malaikat Jibrail, pantona lajeng dibuka, Ridwan mariksakeun deui, ka eta Malaikat Jibrail, sampean rek naon cunduk, naon anu rek diseja, datang ka sawarga nahim, Malaikat Jibrail walon ka Ridwan. 12.Kaula ngemban timbalan, ti Pangeran nu Maha Suci, erek mipit daun Tuba, daun hejo nu beresih, anggoeun kopeah Nabi, Malaikat Ridwan ngawangsul, yen eta Nabi Muhammad, dileuwihkeun ku Yang Widi,Nabi Muhammad gusti urang saalam dunya. 13.Meunang nugrahaning Allah, ngungkulan ka unggal nabi, sadaya para utusan, nu kasebut para nabi, awit Nabi Adam linggih, dongkap ka ayeuna dawuh, ngan eta Nabi Muhammad, seg mipit bae Jibrail, lajeng ngadeuheusan ka Pangeran. 14.Nguninga yen enggeus ngala, daun kayu Kastuba suci, piwarangan Gusti Allah, daun kayu Tuba suci, dicandak ku Jibrail, bade ketu Kanjeng Rasul, sumuhun ieu kacandak, awon henteu anggakeun deui, daun Tuba kersana Allah taala. 15.Seg ngandika Gusti Allah, ka Malaikat Jibrail, ayeuna eta kopeah, geura jig bae bawa Jibrail, bikeun ka nabi kakasih, Jibrail gancang turun, mawa eta daun Tuba, minangka tanda ti kami, kanugrahan pertanda jadi utusan. 16.Jibrail seg bae nyembah, mulih ti Kudratallahi, nyandak ketu daun Tuba,bade anggoeun kakasih, cahyana gumilang luwih, hurung mancur jeung ngagebyur, sami jeung cahya surya, Jibrail gancang sumping, maparinkeun kopeah ka Rasulallah. 17.Kanjeng Rasul pek ngandika, ka Malaikat Jibrail, saha nu marasan kula, sareng saha anu nyaksi, jeung eta kopeah deui, timana sampean nimu, menang kopeah nurgaha, lajeng matur Jibrail, jisim kuring nu bade marasan tuan. 18.Demi eta nu mayunan, cahaya piyambek Nabi, karana cahayaning Kudrat, iradat haq Yang Widi, henteu aya liyan deui, seg nyerahkeun Kanjeng Rasul, mastakana anu mulya,kamMalaikat Jibrail, geura mangga kula Jibrail kula parasan.

III. ASMARANDANA 01.Lajeng marasan Jibril, ing mastaka Rasulallah, marasan di poe Senen, ditanggal salapan welas, wulan Ramedhon ti beurang, sahabat sakawan kumpul, pada hadir ngadeuheusan. 02.Ka Kanjeng Nabi Muhammad, waktu eukeur diparas, sami naringali bae, ka rambutna Rasulallah, dina rambutna salambar, taya nu tiba sarambut, nu ragrag kaluhur lemah. 03.Kanjeng Rasul nyaur deui, ka Jibrail ngumaha, hikmat naon ieu teh, rambut kaula alambar, bet taya pisan nu ragrag, dina hiji-hiji rambut, nu ragrag kaluhur lemah.

04.Matur Malaikat Jibrail, ka Muhammad Rasulallah, demi eta reana teh, rambut sampeyan jumlahna, nu aya di mastaka tuan, ku jimi kuring ka itung, ngan sakethi dua laksa. 05.Genep ratus punjul deui, sawidak punjul salambar, sareng widadari kabeh, pada turun ti sawarga, nyuhunkeun rambut sampeyan, timbalan Gusti Yang Agung, rek nampa rema sampean. 06.Aya pangandika Gusti, ka widadari sadaya, maneh widadari kabeh, geuwat turun ka dunya, nabi kami rek diparas, pada nyaruhunkeun rambut, kabagi salambar saurang. 07.Ku maneh kudu di pusti, eta rambut Rasulallah, talikeun sing hade-hade, eta rambut pikeun jimat,sangkan dosa dihampura, widadari gasik turun, arindit ti sorga. 08.Widadari pada sumping, kapayunan Rasulallah, salambar sewang nyarokot, ditalikeun ka leungeun, lengeun cinggir katuhuna, geus kitu Gusti Yang Agung, ngandika ka Rasulallah. 09.Kieu dawuh Kanjeng Nabi, Muhammad Allaihi wassalam, saha saha umat kabeh, nyaho di umur anabiya, nabi nu meunang sare'at, anu kocap jadi Rasul, ngan genep eta reyana. 10.Saha jalma anu nguping, atawa daekan maca, kana ieu carios teh, ngapalkeun umur anabiya, datang ka apalna pisan, eta ngarungu pitutur, maca sarengna ngampihan. 11.Sumaona nu sok nulis, ka eta umur anabiya, atawa ningali bae, sarua jeung nu ngunjungan, ka Mekah ka Baitullah, ganjaranana kethi rewu, eta nu sok daek maca. 12.Eujeung di samikeun deui, munggah haji ka Baitullah, nu menang sarewu balaen, ganjaran sami pisan, eujeung anu maca Quran, tamat tilu puluh Juz, tilu puluh kali tamat, 13.Eujeung disamikeun deui, anu ngabakti ka Allah, bakti lamina eta teh, sawidak tahun lawasna, sareng eta anu maca, ka Hikayat Paras Rasul, ku Allah yen di hampura. 14.Sagala dosana deui, sareng dosa indung bapa, nini aki yuyut bao, sareng dosa rahayatna, lamun beresih atina, dosana kabeh dilebur, ku Pangeran Maha Mulya. 15.Caritakeun umur nabi, anu kagungan sare'at, genep reana eta teh, anu mimitina Nabi Adam, jenengan Nabi wiwitan, umurna salapan ratus, sapuluh tahun punjulna. 16.Diturunan ku Jibrail, ngan dua welas balikan, diturunan wahyuna,umur Nabi Enoh eta, lawasna basa didunya, ngan meunang sarewu tahun, diturunan ku wahyuna. 17.Diparinan wahyu deui, meunang ping seket balikan, ngan sakitu Nabi Enoh teh, Nabi Ibrahim di dunya, tujuh puluh punjul lima, lawasna di dunya umur, diturunan ku wahyuna. 18.Ku Malaikat Jibrail, tujuh puluh punjul dua, ngan sakitu Ibrahim teh, ari umur Nabi Musa, saratus aya punjulan, punjul eta tilu tahun,diturunan wahyuna. 19.Ku Malaikat Jibrail, ngan tujuh ratus balikan, ari umur Nabi Isa teh, tilu ratus punjul tiga, punjul tilu puluh warsa, meunang katurunan wahyu, tepangan sapuluh balikan. 20.Ari umur Kanjeng Gusti, Muhammad Allaihi Wassalam, waktu linggih di dunya teh, sawidak aya punjulan, tilu tahun punjulna, meunang katurunan wahyu, nyaeta ku malaikat.

21.Unggal poe unggal peuting, nyandak wahyu malaikat, rek meh unggal dawuh bae, Kanjeng Rasul pang mindengna, jumlah menang wahyuna, dua laksa opat rewu, turuna ngemban timbalan.

Diposkan oleh Amman N. Wahju di 06.06 Tidak ada komentar: Kirimkan Ini lewat EmailBlogThis!Berbagi ke TwitterBerbagi ke Facebook Label: Paras, Sunda, Tembang Senin, 22 Agustus 2011 HIKAYAT PARAS PENGANTAR Hikayat ini adalah hasil alih aksara dari naskah lama yang ditulis dalam tulisan Arab pegon, dalam bahasa Sunda (yang tidak saya terjemahkan kedalam bahasa Indonesia). Menurut Ensiklopedi Indonesia (Ichtiar Baru - Van Hoeve, 1983, jilid IV), Hikayat Nabi Bercukur berasal dari hikayat dalam Sastra Melayu kuno yang kemudian disalin kedalam bahasa-bahasa Jawa, Sunda, Aceh, Makasar dan Bugis. Naskah ini tersimpan di Perpustakaan Musium Jakarta (7 buah), Leiden, Den Haag, dan London. Sedangkan naskah dalam bahasa Sunda ini ditulis (kembali) dan digubah dalam bentuk tembang, dilakukan oleh seorang penulis dari Rajagaluh, Cirebon.

Dalam Hikayat ini antara lain dikisahkan pertanyaan dari seseorang kepada Abu Bakar r.a.: Bila dan di depan siapa Nabi akan bercukur ?. Dijawab oleh Abu Bakar r.a.: Tetkala Nabi pulang dari peperangan dengan madhi, tetkala Nabi sedang mengaji, tetkala itulah turun Jibril membawa perintah supaya Nabi bercukur. Hikayat ini dimulai dengan pernyataan penulisnya bahwa barang siapa yang membaca hikayat ini sampai tamat, maka segala dosanya akan diampuni.

Wallahu alam.

You might also like