You are on page 1of 2

PATURAY LAIN DINA HARTI PEGAT DURIAT

Wanci janari dina mangsa jirim hiji jalma niat lunta pikeun lalampahan. Harita aya ilapat hawarhawar mawa bja yn bakal aya budak culun tuturubun muru rusuh, mapay bja ngajugjug laku
nemonan mdan pangharepan. Barang bray beurang dibarung ku lingsirna panonpo hidep sadaya
nyondong sono ka kancah lmu, di dieu dina tilu taun ka katukang hidep datang angkaribung dijajap ku
pidoa sepuh, dijiad ku bma sepuh. Nyidik-nyidik ti katebihan, nyawang-nyawang ti kaanggangan,
singhorng si manahorng. Lain meureun lain sugan, lain cnah harita hidep ngalaman pisan.
Ngalalanyahan hirup anggang tina panalinga kolot, ngajorag lampah dina kancah atikan sareng didikan.
Sangkan tinemu jeung kadwasaan katut kamandirian. Geusan ngabukti jadi jalmi anu sugih ku pangarti,
anu kaya ku pangabisa.
Ku cara kolot hidep ngajurung laku, ngahiyap lampah pikeun lunta ka ieu sakola. Sabab kolot
hidep ngarasa inggis ku bisa rmpan ku basa. Sanggeus nitnan ku harnghngna zaman, jalma-jalma
dina ngupah ngipayah geus henteu muntang kana papagon agama jeung darigama. Numatak sakitu
kaayaan kolot hidep dina lampah nyakolakeun hidep sadaya, ngablaan anu jadi anak lain ku ladang
rizki ssa, tapi ladang rizki maksa.
Keur meujeuh sekar gumbira, suka bungah wawanohan. Beuki layeut beuki geugeut,
pameunteu anu marahmay kiwari kedah paturay. Baeu hidep anak Bapa, anak Ibu. Sakedapan Bapa
asmaning Dewan Guru sadaya MA YPK Cijulang seja nyimpaykeun rasa kanyaah, seja nyangreudkeun
tawis katineung. Sammh hidep undur tina lahunan, sammh ingkah tina kanyaah, sammh lsot
tina pangkonan aya saeutik amanat pikeun nganteur ludeung kanu rk ngambah sagara kahirupan, ka
anu rk ngadayung labuh pamaksudan. Sanajan hat Bapa kalih Ibu sadaya ngarasa beurat
ngalsotkeun tali kasono, ngaguarkeun rasa kanyaah. Sabab wangkit kiwari hidep sadaya geus dianggap
bagan tina hirup Bapa kalih Ibu. Asa kamari urang babarengan, asa kamari urang sukan-sukan
ngabudalkeun rasa kahman, ngagolontorkeun rasa kasono. Tapi kiwari sammh hidep miang ti
Cijulang, ingkah ti Aliyah aya sababaraha amanat anu perelu ku Bapa didugikeun :
1.

Mihap kuatan kaimanan jeung kaislaman, lmu pangaweruh anu geus kacangking ku hidep
sadaya sing mangfaat mapat salamet dugi ka akhrat. Masing inget hirup jalma bda jeung sato.
Sato mah pah ngan sauukur bilatungan. Tapi jalma mun maot salianti bilatungan og aya
balitungan.
2.
Aya katerangan birrul walidain dina harti sing bma ka ibu rama, sing had tata had basa,
had tagog hade gogog. Montong nganyenyeri indung jeung bapa. Sabab Indung th tunggul
rahayu, Bapa th tangkal darajat. Suprih pidua jeung karidoanana. Ridlo Allah aya dina ridlo ibu
rama, bendu Alloh aya dina bendu ibu rama. Mun kabogoh aya urutna, lamun salaki atawa
pamajikan aya urutna, tapi ibu rama moal aya urutna. Salila ibu rama hidep nungtun dina jalan
anu luyu jeung ajaran agama, wajib diturutna.
3.
Hidep sadaya anu karasp anu gareulis, poma sing gaw handap asor ka sasama, di luhur langit
masih knh aya langit. Teu aya jalma anu panggagahna di alam dunya. Harga diri hiji jalma
mungguh pandangan Alloh dumasar kana takwa jeung budi perkertina, lain karana pangkat,
turunan, kakayaan atawa rupana. Wujudkeun diri hidep th masing jadi jalma anu lbar manah
jembar hampura ka balara. Moal hina jalma anu mr hampura ka batur, atawa nu miheulaan
mnta hampura.
4.
Kudu tetep ngaku kanu jadi guru, sabab teu aya istilah urut guru. Lain pdah hayang didamadama atawa diajn jeung dipihormat, tapi supaya hidep tinemu jeung kabarokahan jeung
mangfaatna lmu og ngabalukarkeun hasil nu mucekil dina ganjaran amalna.
5.
Dina milampah seunggahna kahirupan, poma hidep tong loba teuing kahariwang anu tatagenan
kapapada jalma, harta, jeung tahta, sadaya-daya puntangkeun diri ka Nu Maha Kawasa, asal
urang takwa ka Anjeuna maka yakin Allah bakal mr jalan kaluar tina sagala kabutuh hirup
urang.
Sakitu amanat ti Bapa kalih Ibu guru sadaya, minangka tawis kaasih, tanda kanyaah keur hidep
sadaya anu rk lunta.

Cag, dugi kadieu. Geus heubeul urang babarengan. Lain bosen pdah laasna mangsa, lain teu
hayang urang hirup babarengan. Tapi kiwari niti wanci nu mustari, cunduk waktu nu rahayu, ninggang
mangsa nu utama. Wayahna hidep sadaya kedah lunta ti ieu sakola, kedah lugay tina pangkonan,
lumungsur tina lahunan. Geura bral miang pikeun ngambah bajuang tandang makalangan, ngahontal
cita-cita, ngajug-jug tujuan hirup. Jalan anu bakal dipilampah masih ampah, tuh tinggali ku hidep,
teuteup ku manah anu seukeut hareupanen hirup hidep geus ngagupayan, nganti-nganti ti kamari
kiwari tinggal prakna.
Pamungkas, dina salami tilu taun urang babarengan tinangtu Bapa/Ibu guru salaku jalma biasa.
Tinangtu jadi tunggul kaluluputan, jadi tampat kelelepatan. Aya ucap anu nyelap, aya panyacad anu
nyugak, aya lampah paripolah anu teu merenah mugia tong ngbalukarkeun kana peupeusna gelas
kanyaah, nu ngajadi beling karungsing, mantak nyugak kana mamaras manah, anu rungseb kana angen,
pondokna mantak jadi orok panjangna mantak jadi anak. Dosa perdosa Bapa/Ibu guru sadaya mugia
hidep sadaya tiasa ngahampura. Sabalikna sagala kasalahan jeung dosa hidep ka Bapa/Ibu guru dina
danget ieu clik putih jatining bersih clak herang jatining padang, balumbang timur caang bulan opet
welas, jalan geud sasapuan. Jembar manah ngahampura ka hidep sadaya.
Teu hilap, tina harta banda hidep oge tinangtos ka para Bapa/Ibu sepuh murid anu sami rawuh,
mugia sagala waragad biaya anu diinfakkeun ka sakola ieu Bapa/Ibu sadaya tiasa ngaridokeun sareng
ngahalalkeun. Og manawi aya ti sim kuring anu katuang/ kamangfaatkeun ku Bapa/Ibu sadaya sim
kuring ngahalalkeun sareng ngaridokeun pisan.
Pamungkas, dugikeun salam baktos Bapa kalih Ibu sadaya ka wargi-wargi hidep di lembur.
Bejakeun naon rupa kamulus rahayuan ieu sakola, rahasiahkeun kakurangan ieu sakola. Kalawan iraha
ba jeung di mana ba antawis hidep sareng kulawarga besar Kalangsari ibarat hiji raga badan anu silih
pikanyaah silih pikaasih.

You might also like