You are on page 1of 1

Uleman

5 September 2013 Kemis 29 Syawal 1434 H

Kahatur Bapak/Ibu/Saderek

: Di

Assalamualaikum Wr. Wb Wilujeng boboran Siyam minal aidzin wal faidzin, mudah-mudahan ibadah puasa urang sadayana ditampi ku Allah SWT Manawi aya taqdir anu Maha Suci, dina taun ieu insya Allah simkuring sareng pun bojo seja azam ziaroh ka Tanah Suci Haromaen (Makkah Sareng Madinah) nyunpunan Rukun Islam anu nomer ka limana Ku kituna simkuring sareng pun bojo kalih kulawargi oge wargi sadayana mugi-mugi ageung cukup lumur neda sihapunteun sinareng dorongan dua anu mudah-mudahan simkuring sareng pun bojo tiasa nyumponan rukun wajib sareng pasunatan Ibadah Haji supados janteun Haji anu Maqbul tur Mabrur. Amin ya robbal alamin Ngalangkungan ieu serat simkuring hoyong ngariung sareng wargi sadayana, tepung lawung ngadoakeun simkuring sareng pun bojo oge ngaoskeun Tahlil kanu parantos mulih ka Rohmatullah sakanteunan ngadangukeun pituah nasehat sareng piwuruk ti kersana muballiq. Dupi waktosna :

Dinteun : Kemis Kaping : 29 Syawal 1434 H / 5 September 2013 M Waktosna : jam 13.00 Tempat : Ereng kulon RT 02 RW 07 Desa Bojong Emas Kecamatan Solokan Jeruk Muballiq : Kawit Ti Al-Amin
Timpah hatur nuhun kasumpingannana kalintang bingahna pisan diantos dina waktosna, utamina anu dipihareup pang deudeul dua tisadayana Mudah-mudahan amal wargi sadayana dibales ku Allah SWT nu berlipat ganda. Amien ...

Wassalamualaikum Wr. Wb

Ondi Sopandi / Enan Nurani

You might also like