You are on page 1of 12

BAB I

MIMITIAN

A. KASANG PENGKER

Kalimah mangrupa hiji struktur gramatik anu ngabogaan pengertian lega. Dina
hakikatnya kalimah nyaeta gabungan ti struktur gramatik anu nu mawi lega kalawan
ngabogaan unsur-unsur sepertos Jejer,Caritaan,Objek,Panglengkep,sarta Katerangan.
sajaba ti eta,kalimah oge tiasa diartikeun minangka hiji ujaran ngeunaan hiji perkawis anu
luyu kalawan konteks nu tangtu. Ku margi eta muncul pangertian anu ngomong yen
kalimah mangrupa hiji hal anu dimunculkeun margi kitu kaayaanana kesenyapan mimiti
sarta ahir. Tiasa deui disebutkeun inti ti kalimah mangrupa nada atawa intonasi anu
dikandungnya .

Kalimah tiasa kabentuk ti sanggem,frasa,sarta klausa. Cacak kitu henteu sadaya


kalimah jieunan mangrupa kalimah anu beleger. Ngan kalimah anu ngandung klausa wae
anu tiasa disebutkeun kalimah beleger.

B. RUMUSAN MASALAH

Dumasar paparan anu atos terurai dina kasang pengker,nu nulis ngarumuskeun
rumusan masalah diantawisna :

1. Naon anu disebat kalawan klausa ?


2. Naon wae anu disebat kalawan unsur-unsur klausa ?
3. Naon wae anu disebat kalawan wangun klausa ?
4. Naon wae anu disebat kalawan tipe klausa ?
5. Naon wae anu disebat kalawan warna klausa ?
6. Naon wae anu disebat kalawan unsur panolak dina klausa ?

C. TUJUAN MASALAH

Dumasar rumusan masalah di luhur tujuan disusun na makalah ieu teh minangka
katut :

1. Kanggo terang naon anu disebat kalawan klausa teh.


2. Kanggo terang naon wae anu disebat kalawan unsur-unsur klausa teh.
3. Kanggo terang naon wae anu disedat kalawan wangun klausa teh.
4. Kanggo terang naon wae anu disebat kalawan tipe klausa teh.
5. Kanggo terang naon wae anu disebat kalawan warna klausa teh.
6. Kanggo terang naon wae anu disebat kalawan unsur panolak dina klausa teh.

1
D. MANGPAAT

Sedengkeun mangpaat ti penyusunan makalah ieu antawis sanes :

1. Tiasa nambahan pamahaman ngeunaan klausa


2. Tiasa ngabedakeun rupi-rupi klausa.
3. Tiasa midamel klausa anu leres luyu struktur pembentukna.

2
BAB II

PAMBAHASAN

A. MIKAWANOH KLAUSA

Klausa nyaeta wangun katatabasaan anu jadi galeuh kalimah,sipatna predikatif atawa
diwangun ku hiji J(jejer) jeung hiji C(caritaan), boh dibarengan O(objek), Pang(lengkep)
jeung Kat(erangan) boh henteu.

Unsur galeuh klausa teh J-C. Najan kitu,unsur J sok dileungitkeun,upamana wae dina
kalimat ngantet, kalimah jawaban, jeung kalimah parentah.

Contona :

- Sangkan (hayam teh) babari newakna,hayam teh kudu diawur heula.

- (Bapa mah) nuju ka kantor. (upamana mangrupa jawaban tina panalek “ Ari bapa
aya?’)

- (Maneh) indit!

Unsur hayam teh,bapa mah,jeung maneh bisa dileungitkeun.

B. UNSUR-UNSUR KLAUSA

Unsur (konstituen,pangdeudeul) klausa nya eta babagian tina wangunan klausa nu


ngawujud mangrupa ruas (gatra,tagmem). Ari tagmem teh beungkeutan unsur
fungsi,kategori jeung peran.

1. Fungsi Unsur Klausa

Fungsi unsur klausa teh museur kana pancen gramatikal unsur-unsur klausa. Unsur
fungsional klausa nya eta J-C minangka unsur wajib,O,Pang,jeung Kat minangka unsur
pilihan.

a. J jeung C
J(jejer) nya eta bagian klausa anu nuduhkeun naon-naon nu dicaritakeun,
poko nu dicaritakeun,umumna mangrupa kecap atawa frasa barang.
Jejer (Subjek) mibanda lentong [2] 3 //. Jaba ti eta,umumna ngandung
anafor jeung klitik –na,kecap panangtu eta,sarta panganteb teh,mah,tea,oge.
Caritaan (Predikat) nya eta bagian klausa anu nuduhkeun naon-naon nu
dicaritakeun ngenaan Jejer. Lentongna [2]3 1 #,atawa [2] 3 # lamun predikat tea
engang ka dua ti tukang vokalna [e] saperti begang,melang,jste.

3
Contona :

- Anjeun mah ngan ngahesekeun bae.


# [2] 3 // [2] 3 1 #
- Bapana teh guru SMA
- Bapana teh guru SMA.
- Bajuna oge mani marahal teh.

b. O jeung Pang
Objek nya eta unsur klausa anu langsung nuturkeun Caritaan anu
mangrupa kecap pagawean transitif,umumna ngawujud kecap atawa frasa barang,
Ari Panglengkep nya eta unsur klausa anu ngalengkepan Caritaan anu mangrupa
kecap pagawean semitransitif jeung dwitransitif.
Sakapeung Objek jeung Panglengkep teh hese dibedakeun,lantaran sarua
aya tukangeun Caritaan. Geusan bisa nyungsi O jeung Pang,aya ciri-ciri nu
tangtu.
 Ciri Objek
(1) Umumna ka golong kana kecap atawa frasa barang;
(2) Objek klausa pagawean aktif bisa jadi Jejer upami eta klausa
dipasifkeun;
- Suhudi meuli buku kamari.
- Buku dibeuli ku Suhudi kamari.
(3) Aya tukangeun kecap pagawean transitif kalawan langsung;
(4) Objek dina klausa pagawean dwitransitif bisa dipiheulaan keur
(lamun aktif) atawa ku (lamun pasif);
- Bapa mangmeulikeun buku keur kuring.
- Kuring dipangmeulikeun buku ku bapa.
 Ciri Panglengkep
(1) Bisa kagolong kanu kecap atawa frase barang ,pagawean ,sifat,
bilangan ,jeung frasa pangantet;
- Mang Jumadi dagang beas.
- Budak teh keur diajar leumpang.
- Manehna leumpang mani ngadedod.
- Imahna nambahan hiji.
- Ieu buku nyarande kana tiori Ramlan.
(2) Aya tukangeun kecap pagawean semitransitif nya eta kecap
pagawean nu teu bisa dipasifkeun. Ku kituna, panglengkep teu bisa
dirobah jadi Jejer;
- Mang Jumadi dagang beas,heunte bisa dirobah jadi;
- Beas didagang ku Mang Jumadi.
(3) Aya tukangeun kecap pagawean dwitransitif kalawan langsung;
- Bapa mangmeulikeun sapatu keur kuring.
Pang O
Upama klausana dirobah jadi pasif,panglengkep tetep
tukangeun Caritaan;
- Kuring dipangmeulikeun sapatu ku Bapa.

4
c. Kat
Kat(erangan) nya eta unsur klausa anu lain J atawa C,sipatna mobilitas
atawa posisina robah-robah iwal antara C jeung O/Pang. Keterangan dipake
pikeun neurangkeun J,C,O, atawa Pang.
Contohna :
- Adi kuring disunatan kamari.
- Kamari adi kurinh disunatan.
- Adi kuring kamari disunatan.

2. Warna (Kategori) Unsur Klausa

Kategori unsur klausa museur kana warna kecap atawa frasa anu ngeusian eta unsur.
Warna kecap/frasa anu ngeusian unsur klausa teh kayaning. Barang, Pagawean, Sipat,
Bilangan, Frasa Pangantet.

Fungsi Kategori Pangeusi

Jejer B
Caritaan B, P, S, Bil, FPt
Objek B
Panglengkep B, P, S, Bil, FPt
Keterangan B, FPt, Adv.

3. Peran (Harti) Unsur Klausa

Peran, harti, atawa fungsi semantis unsur-unsur klausa patalina jeung unsur lianna.

a. Peran Jejer
Peran Jejer sok nuduhkeun harti :
1. Palaku : Ade keur maca buku.
2. Alat : Delmmanna dipake narikan beas.
3. Pangrandap: Sukuna kakadek ku bedog.
4. Hasil : Panyungsi Sastra disusun ku Prof.Dr.Yus Rusyana.
5. Tempat : Basisir pangandaran padangajarugjug.
6. Panampa : Kuring dibere buku ku manehna.
7. Piwanoh : Pa Adud teh dosen kebahasaan di IKIP.
8. Jumlahan : Bukuna teh dalapan siki.
9. Jentrean : Buukna galing muntang.

b. Peran Caritaan
Peran Caritaan sok nuduhkeun harti :
1. Kalakuan (aktif, pasif, repleksif, resiprokatif, jst) :
- Ade keur maca buku.
- Buku dibaca ku ade.
- Didi keur siduru hareupen hawu.
- Didi jeung Dede silihteuteup.
2. Kaayaan : Buukna galing muntang.

5
3. Pangjumlah : Bukuna teh dalapan siki.
4. Pangwanoh : Maman teh adi kuring.
5. Perenahna : pun biang mah ka pasar.

c. Peran Objek
Peran Objek sok nuduhkeun harti :
1. Pangrandap : Didi neunggeul Ahmad ku buku.
2. Panampa : Bapa mangmeulikeun buku keur kuring.
3. Tempat : Kuring teh rek meresihan buruan.
4. Hasil : Budi keur ngarang carita pondok.
5. Alat : Oray teh diteunggeul ku batu.

d. Peran Panglengkep
Peran Panglengkep sok nuduhkeun harti :
1. Pangrandap : Kuring ngirim surat ka lembur.
2. Alat : Buku kuring mah dibungkus pelastik.
3. Kalakuan : Budi keur diajar ngarang.
4. Pangjumlah : Imahna nambahan hiji.
5. Kaayaan : Neng Heni teh katarajang nyeri beuteung.

e. Peran Keterangan
Peran Keterangan sok nuduhkeun harti :
1. Waktu : Kuring rek ka jakarta minggu hareup.
2. Tempat : Dede mah keur baca di kamar.
3. Alat : Kuring ngajul geudang ku gantar.
4. Tujuan : Urang perlu olah raga ngarah sehat.
5. Pamareng : Diukna ngarendeng jeung kuring.
6. Sabab : Urang bisa kieu lantaran manehna
7. Pangwates : kabeh ge geus malayar kajaba anjeun.
8. Modalitas : Sakuduna mah manehna teh sadar.
9. Aspek : Dadaksakala nu geuring teh cageur deui.
10. Babandingan: Dudi teh pinter siga bapana.

Conto ngarucat unsur-unsur klausa :

Kamari kuring mangmeulikeun bako keur ti pasar


bapa
Fungsi Kat J C Panglengkep O Ket
Kategori B B Pagawean B FPt FPt
Peran Waktu Palaku Kalakuan pangrandap panampa Tempat
benefaktif

6
C. WANGUN KLAUSA

Nilik kana wangunna atawa unsur internal pangwangunna, klausa aya dua rupa :
klausa lengkep jeung klausa teu lengkep.

1. Klausa Lengkep

Klausa lengkep nya eta klausa anu diwangun ku hiji Jejer jeung hiji Caritaan, boh
dibarengan Objek, Panglengkep, jeung Keterangan boh heunte. Contona :

- Kuring nempo manehna keur diuk dina korsi.


- Sabada lulus ujian,kuring rek piknik ka Bali.

 Klausa lengkep bisa dibagi dua :


(1) Klausa lengkep umum (baku) nya eta klausa anu runtuyan J-na aya samemeh
C. Contona :
- Waktu manehna ngadeukeutan, kuring ngejat.
J C
- Bapa teh keur ngala lauk di kulah.
J C O Kat

(2) Klausa lengkep inversi nya eta klausa anu C-na miheulaan J.
Contona :
- Asa jangkung pisan budak teh.
C J
- Aya tamu, Ma, di payun.
C J Kat

2. Klausa Teu Lengkep

Klausa teu lengkep nya eta klausa anu teu ngandung Jejer, biasana diwangun ku
Caritaan boh dibarengan Objek, Panglengkep, jeung Keterangan boh heunte. Ieu klausa
teh sok muncul dina kalimah ngatet, kalimah jawaban, jeung kalimah parentah.

Contona :

- Waktu datang, manehna imut bari muka lawang.


- Keur arulin di buruan. (Upamana minangka jawaban tina panalek “Ka mana
barudak teh?”.
- Indit ti dieu! (Klausa lengkepna “ Maneh indit di dieu!”).

7
D. TIPE KLAUSA

Nilik kana tipena atawa kalungguhanana dina kalimah aya dua rupa klausa : klausa
bebas jeung klausa kauger.

1. Klausa Bebas

Klausa bebas nya eta klausa lengkep anu bisa madeg mandiri jadi kalimah sampurna;
ku kituna, sok jadi inti dina kalimat ngantet.Contona :

- Barang geus datang,kakara manehna ingeteun.


- Kuring diuk dina korsi,manehna nangtung deukeut jendela.

2. Klausa Kauger

Klausa kauger nya eta klausa boh lengkep boh teu lengkep anu teu bisa madeg
mandiri jadi kalimah sampurna. Ari ciri-ciri klausa kauger teh kieu :

(1) Aya dina kalimah ngantet seler sumeler ;


(2) Salawasna dipiheulaan kecap panyambung teu satata kayaning : basa, sabab, yen,
sanajan, jste. Upama kecap panyambungna dilaan, klausa kauger sok robah jadi
klausa bebas. Contona :
- Basa kuring keur ngalamun,manehna datang.
Kuring keur ngalamun,manehna datang.
(3) Klausa kauger sok nyicingan salah sahiji fungsi J, C, O, Pang, atawa Kat dina
klausa intina. Contona :
- Derekdek ku manehna dicaritakeun yen eta carpon teh nyaritakeun dirina
sorangan.
J
- Ti harita oge kuring mah geus mikanyaho yen manehna teh resepeun ka kuring.
O
- Sabot kuring maca, adi kuring nulis.
Kat
(4) Klausa kauger umumna nyandang wawaran nu ngeceskeun klausa intina; ku
kituna, bisa disuluran ku kecap atawa frasa nu tangtu, asal luyu jeung harti klausa
kaugerna. Contona :
- Sabot kuring maca buku, adi kuring nulis surat.
Harita teh adi kuring nulis surat.

8
E. WARNA KLAUSA

Nilik kana warna kecap atawa frasa anu nyicingan fungsi Caritaan, klausa aya
sababaraha rupa.

1. Klausa Barang (Nominal)

Klausa barang nya eta klausa anu Caritaanana diwangun ku kecap atawa frasa barang.
Contona :

- Sapatuna kulit.
- Bapana teh guru SMA.

2. Klausa Pagawean (Verbal)

Klausa pagawean nya eta klausa anu Caritaanana diwangun ku kecap atawa frasa
pagawean. Contona :

- Kuring rek meuli buku tata bahasa Sunda.


- Manehna mawa surat keur kuring.

3. Klausa Sipat (Ajektival)

Klausa sipat nya eta klausa anu Caritaanana diwangun ku kecap atawa frasa sifat.
Contona :

- Mimin mah bageur pisan.


- Neng Sari teh jangkung lenjang.

4. Klausa Bilangan (Numeral)

Klausa bilangan nya eta klausa anu Caritaanana diwangun ku kecap atawa frasa
bilangan. Contona :

- Daharna tilu kali sapoe.


- Peunteun rapotna rata-rata dalapan.

5. Klausa Pangantet (Preposisional)

Klausa pangantet nya eta klausa anu Caritaanana diwangun ku frasa pangantet.
Contona :

- Bapa mah ka kebon.


- Cicingna dina handapeun tangkal kai.

9
F. UNSUR PANOLAK DINA KLAUSA

Nilik kanu aya euweuhna unsur panolak (negatif), dina Caritaanana,klausa aya dua
rupa.

1. Klausa Positif (Afirmatif)

Klausa positif nya eta klausa anu teu ngandung unsur panolak dina Caritaanana.
Contona :

- Teteh mah parantos angkat tadi.


- Lanceukna teh Camat Soreang.

2. Klausa Negatif

Klausa negatif nya eta klausa anu ngandung unsur panolak dina Caritaanana. Unsur
panolak teh saperti (hen)teu, lain, (en)can, moal, jste. Contona :

- Teteh mah teu acan angkat.


- Bapa mah lain Camat Soreang.

10
BAB III

PANUTUP

 KACINDEKAN

Klausa nya eta wangun katatabasaan anu jadi galeuh kalimah, sipatna predikatif
atawa diwangun ku hiji Jejer (J), jeung hiji Caritaan (C), boh dibarengan Objek (O),
Panglengkep (Pang), jeung Katerangan (Kat) boh heunteu.

Klausa ngabogaan ciri-ciri diantawisna :

a. Mangrupa deretan sanggem anu mangrupa hijian gramatik.


b. Ngabogaan ngan hiji caritaan.
c. Ngandung unsur Jejer, Caritaan, Objek, Panglengkep, jeng Katerangan.
d. Teu acan ngabogaan intonasi atawa tawis maos nu tangtu.

Kategori unsur klausa museur kana warna kecap atawa frasa anu ngeusian eta unsur.
Warna kecap/frasa anu ngeusian unsur klausa teh kayaning. Barang, Pagawean, Sipat,
Bilangan, Frasa Pangantet. Nilik kana wangunna atawa unsur internal pangwangunna,
klausa aya dua rupa : klausa lengkep jeung klausa teu lengkep. Nilik kana tipena atawa
kalungguhanana dina kalimah aya dua rupa klausa : klausa bebas jeung klausa kauger.
Nilik kana warna kecap atawa frasa anu nyicingan fungsi Caritaan, klausa aya sababaraha
rupa nya eta klausa barang (nominal), klausa pagawean (verbal), klausa sipat (ajektival),
klausa bilangan (numeral), klausa pangantet (preposisional). Nilik kanu aya euweuhna
unsur panolak (negatif), dina Caritaanana,klausa aya dua rupa klausa positif jeung klausa
negatif.

11
DAPTAR PUSTAKA

Sudaryat,Yayat (1991). Pedaran Basa Sunda, Bandung : CV.Geger Sunten.

Tersedia : [Online] [Selasa, 04 April 2017 @ 13.00]

http : // repository.upi.edu/8969/2/t_bind_029526_chapter1.pdf.

12

You might also like