You are on page 1of 2

MIMITINA UNCAL JADI TANDUKAN

Dibuat oleh :
Abie Raouf Sutama
VI.A
Kacaturkeun mangsa baheula.... Mangsa dunya masih mangrupa leuweung.
Mangsa sasatoan silih cumarita sakumaha manusa ayeuna.
Di hiji leuweung..... Dina hiji poe,kira wanci haneut moyan. Sakadang Kuda
nangtung sisi talaga, ngadon moyan bari ngeunteung kana cai.
Bari ngeunteung teh manehna ngomong sorangan, “Bener kasep, gagah aing
teh. Awak lampayat, tanduk rangakgak jeung sareukeut deuih. Moal aya , sato anu
ginding kawas aing, anu boga tanduk sakieu alusna..”
Sabot muji maneh, jol aya uncal nyampeurkeun. Rek ngadon nginum gigireun
kuda. Kuda ujug-ujug haok bae ngambek bari molotot. Omongna, “Heh Uncal ! Rek naon
kadieu? Haling kaditu. Ulah ngiruhan cai paranti nginum kuring. Maneh mah teu kudu
ngeunteung. Da geus tetela, suku pacer goreng patut, teu boga tanduk kawas aing."
Keur kitu aya maung disada ngagaur tikajauhan. Kuda jeung uncal beretek bae
lalumpatan. Patarik-tarik. Sieuneun ditekuk maung. Kuda lumpat pangheulana, karepna
rek nyumput dinu buni.
Tapi tandukna tikait kana areuy-areuyan. Atuh teu bisa kebat lumpatna.
Sanajan manehna abrug-abrugan tandukna teu lesot. Malah beuki kapuket ku
areuy,
Teu kungsi lila, jol datang uncal kadinya. Ceuk kuda. “ eh sakadang uncal
tulungan kuring, ieu tanduk kuring tikait kana areuy, meni pageuh kieu” Uncal
karunyaeun tuluy areu-areuy anu melit kana tanduk teh digegelan nepi paregat. Geus
kitu belenyeng bae kuda jeung uncal teh lalumpatan deui. Sieuneun kasusul ku maung.
Hadena maung teh teu kebat ngudagna. Ditempat nu aman kuda jeung uncal
areureun. Kuda ngomong ka uncal. “ sakadang uncal, nuhun pisan kaula geus ditulungan
ku sampean. Mun teu ditulungan ku anjeun mah meureun kuring teh geus tewas ditekuk
maung. Pikeun pamulang tarima, ieu kaula masrahkeun tanduk. Prak pake ku sampean
turun tumurun. Hatur nuhun uncal.”

Tanduk kuda teh rap dipake ku uncal nepi ka kiwari. Tah kitu dongengna
sasakala mimiti gaduh tanduk dina huluna. Ti saprak harita, eta sakadang Uncal teh
tandukan nepi ka ayeuna

You might also like